Carita Tama Sebel Jilid #1

foto tama sebel
Dina hiji waktu, kami Alhamdulillah dipercaya jadi EO (Event Organizer) anu ngajalankeun acara. Di acara eta, kami ngundang sababaraha komunitas jeng band jang jadi bagian dina acara. Aya band ti komunitas, aya oge band anu jang jadi bintang tamu lamun ceuk bahasa barudak mah. Ngaranna bintang tamu, nya biasana dijadwalkaun main pang akhirna. Teu paduli kumaha, da cenah bintang tamu di akhir. Di awal mah disebutnya pang bubuka. Padahal teu kitu oge nyak jaman ayeuna mah. Asa jaman horizontal. Nu ngaranna seniman bijaksana, nya teu sawios. Berkarya terus, kritik jeung saran ditampi. Terkenal mah bisa dianggap bonus. Hade dipuji, goreng dihina ceuk kasarna mah. (duh prologna kapanjangan asana teh)

Tah dina acara eta pan aya barudak band anu datang awal. Naon deui atuh iwal ti sound check alias mecakan alat. Ti mulai setting, latihan nepi papanasan. Ngaranna oge beurang nya, nya caang nya hareudang. Loba pisan nu make kaca panon hideung kawas model pokona.Bagoy.(harita mah teu hujan). Aya band anu kolaborasian jeung rampak kendang. Maklum eta acara emang acara nu ngangkat nilai budaya Sunda. atuh lamun diistilahkeun mah eta teh temana traditional and modern live music performance. (alaahhh beurat kieu euy bahasana)

Aya dua band jeung hiji rampak kendang nu dijadwalkeun sound check harita. Sebut wae band D jeung band K. Hasil technical meeting, kaluar kaputusan yen anu kolaborasi jeung rampak kendang teh band K. Nya nggeus, teu bisa diganggu gugat. Jeung band D jadi band anu maen di akhir acara. Sanajan asalna band K hayangeun oge maen pang akhirna.

Si band K sound check sabari latihan jeung rampak kendang. Ti mimiti genjrang genjreng nepika pak parakpak sora kendang. Sakali latihan, aya nu kurang. Balikan deui. Sakali latihan deui, masih keneh aya nu kurang. Balikan deui. Wajar pisan eta band balikan wae latihanna. Kahiji, emang karak panggih. Kadua, emang hese pan konsep kolaborasi bari aya sisingaanna. Pisan lah. Bari kudu ngepaskeun eta lengkah nu ngagotong sisingaan nu didiukan ku vokalis band K jeung ketukan rampak kendang.

Makin lila makin beurang. Band D geus nungguan oge di tukangeun panggung. Rada telat pangpangna mah. Lain telat jadwal sound check di band K jeung rampak, tapi emang telat mulaina. Si horeng emang sound anu kuduna geus hurung, tapi karak pemanasan. Kitu cenah. Road manager band D geus bolak balik nanya iraha jadwal iraha jadwalna. Meureun kesel oge nungguanna. Duhhh hampura nya ka sadayana artis, jadi narungguan euy.

Teu lila, band K jeung rampak rengse latihan. Giliran band D sound check. Barudak band K jeung rampak turun ti panggung, barudak band D naek. Derrr teh aya pesonil band D kaceplosan.

"Lur, latihan mah di studio weh!"

Dilanjut ku update di status twitter.

"Band K boga studio te sih?latihan mah ulah di stage atuh da band teh lain maneh wae!%"

Mbung katinggaleun eksis, si soundman-na oge update nu sarupa. Kurang lebih kitu. 

Ehhh teu nyaho didinya masih aya barudak band K. Nya puguh atuh jadi nasteung. (apal nasteung? urang oge remeng-remeng) Genjrang genjreng sound check. Dar der dar der beres weh. Prung eta acara nepi ka rengse. Band kabeh beres narabeuh. Kari beberes. Saberesna acara, manager band K ngajak barudak band D ngobrol heula. Anjir! Sempet reuwas oge. Beuh jadi kuatka kudu ririunagan. Nya da kami mah sebagey. Sebagai penengah dan mak comblang di antara barudak eta. Nya dipanggihkeun weh.Silaturahmi.

anggap we iklan nyimeu mah
Wawiwow wawiwow eta soal nu keur sound check dibahas. Mimiti ti pihak band K konfirmasi, trus ti pihak band D klarifikasi. Akhirna silih nanya alamat. Ah da emang band ti kota nu sarua. Nya piraku kudu jadi goreng mah. Akhirna clear harita keneh didinya keneh. Ceuk saya, kieu ciga dihandap. (teu bisa nyetel rekaman, soalna hapena tinggaleun euy)

"Nya, ari nu atos-atos mah atos we. Kami selaku EO nyuhunkeun dihapunten kana kakiranganna. Hatur nuhun kana masukanna. Da ari teras-terasan ngobrol mah moal aya rengsena, moal aya capena. Kumargi tos wengi, tos carape sareng tos lalapar, hayu atuh urang bubar wae. Silih bebaskeun sareng tong hilaf silaturahmina."

Anggeus. Sasalaman. Bubar weh.

Tah sakitu carita tama sebel jilid #1
Aya-aya wae. Mugia aya hikmahna kangge sadayana.
Sinareng sadayana mugia aya dina karidhoan Gusti nu Maha welas tur Maha asih. Amin

2 comments:

  1. sae ieu bacaan teh .. nya ngiring komen meh tamba sebel we nyak

    ReplyDelete
  2. hihihi tama sebel nya emak..

    wilujeung dinten kemis :)

    ReplyDelete

 

Followers

Links

BumiBloggerWarung Blogger